“Lalampahan Cinta Si Emod”
Panon poé geus katempo ti palebah kidul, kuring geus
singkil kusabab aya jangji jeung mawar bodas. Rek ulin ngabebenjokeun mawar
bodas, kuring kakara ngabogaan mawar bodas, nya neng Mimin ngaranna.
Saméméh indit, kuring manaskeun heula si Jagur, eta kuda
tukang nganganteur kuring kamamana. Awak geus seungit kalawan minyak seungit,
bari manaskeun motor kuring pamit ka indung.
“
Mak, Emod pamit nya rek ngajak ulin neng Mimin”. Kuring sasalaman jeung indung
“Heueuh
jang, kade dijalanna”. Indung ngadu’akeun
Kuring
tuluy indit, mapagkeun mawar bodas. Eh geuning, neng Mimin geus nungguan disisi
jalan.
“Hayu
neng, atos siap?”
“Hayu
atos kang”.
“Ieu
neng angge helmna”. Kuring nyodorkeun helm
“Oh
muhun kang”.
Kuring jeung neng Mimin leos mangkat, tujuan kuring rek
ulin ka Ciwidey. Nya lumayan lah ti Cikalong ka Ciwidey teh lain jarak deukeut.
Geus satengah jalan, ngadak-ngadak si Jagur pareum. Beak bengsin
geuning. Jabaning ieu jalan teh jauh timamana. Luak-lieuk euweuh tukang
bengsin. Nya kapaksa kuring jeung neng Mimin ngadodorong motor nepi ka manggih
tukang bengsin.
“Neng,
hampura nya, ieu si Jagur ngadon ngagawekeun ka neng”. Bari tuluy ngadorong
motor
“Ah, teu sawios kang,
kanggo pangalaman”. Nembalna mani leumeus pisan
“Lamun
neng cape mah, keun wios ku akang we nyalira didorongna”. Ngareureuhkeun ka
cape neng Mimin
Eh,
teu kungsi lila aya tukang bengsin di sisi jalan. Kuring rada atoh, kusabab ieu
suku geus beurat lengkah, beuteung geus disada wae.
“Aduh
neng, itu aya tukang bengsin”. Kuring bungah
“Muhun
kang, hayu atuh enggalkeun dorong motorna”.
Kuring
hageut ngadorong motor, kusabab geus teu
sabar hayang tereh nepi.
“Mang,
bengsinna opat leter”. Kuring teu ninggali heula saku
“30
rebueun jang”. Ceuk tukang bengsin
Pas
kuring ngodok saku, kuring reuwas. Teu kacabak duit sarebu-rebu acan. Kuring bingung,
rek menta ka neng Mimin asa teu mungkin.
“Kunaon kang? Lain gera bayar”.
“A….a….anu
neng, dompet akang tinggaleun. Akang teu nyakuan duit sarebu-rebu acan”.
“Kumaha
atuh kang, da neng ge teu mawa duit pisan”.
“Nya
enggeus atuh ayeuna mah, sok buru neng naek! Urang kabur”.
Kuring
jeung neng Mimin mangpret, tukang bengsin rada ngudag. Tapi kuring mawa motor
geus jiga pambalap alias Valentina Rossi, sugan eta oge. Perjalanan beuki jauh,
kuring ngadak-ngadak poho jalan, beuki dieu asa beuki geu’eum.
“Neng,
naha jalan teh asa beuki geu’eum nya?”
“Enya
kang, bener kitu ieu jalanna?” kalah malik nanya
“Teuing
nyaeta neng, akang ngadadak poho jalan”.
Beuki
jauh, beuki geu’eum. Beuki hieum ku tatangkalan. Waktu geus nuduhkeun jam 5
burit. Beuteung geus disada wae. Rek balik deui poho jalanna. Kuring jeung neng
Mimin tuluy kukurilingan dina eta jalan. Neangan jalan kaluar, poe beuki poek. Teu
kungsi lila, neng Mimin ngadenge sora anu ngahaleuang. Bener gening, eta sora
nu hajat. Kabeneran beuteung geus disada wae.
“Sok
mangga teras”. Ceuk anu jaga parasmanan
Kuring
jeung neng Mimin tuluy nyokot alas. Untungna neng Mimin mawa amplop kosong. Bari
sasalaman eta amplop kosong dibikeun. Nu boga hajat rada bingung.
“Mah,
eta tamu ondangan mamah lain?” ceuk bapana
“Lain
pak. Ah, babaturan si neng sugan”. Tembal indung nudingkeun ka budak awewena
“Si
neng mah asa teu boga babaturan siga kitu”.
“Ah
nya keun bae, batur si aa na sugan” nudingkeun deui ka panganten lalaki
Pangantenna
datang. Tuluy nanyakeun.
“Mah,
ari nu bieu saha?” ceuk panganten awewe
“Teuing
nyaeta, sugan teh batur si aa”. Tembal indungna
“Sanes
mah, aa mah teu wawuh”. Ceuk panganten lalaki
“Ah,
boa-boa anu nipu. Hayu udag!” ceuk bapana
Kuring
jeung neng Mimin di udag tuluy digebugan. Teu kungsi lila, baju kuring jibrug
ku cai.
“Kemooooooooooooooodd!!!
Hudang siah geus beurang, montong molor wae”. Indung kuring ngahudangkeun bari
manjur ku cai saember
“Euleuh,
si horeng gening bieu teh ngimpi”. Kuring ngahuleung
Teu
kungsi lila, hape kuring disada. Pas ditinggali, geuning sms ti neng Mimin. Anu
matak nyieun reuwas , eusi sms na teh “Kang, punten. Neng moal tiasa janten
angkat sareng akang. Neng nyungkeun putus ayeuna keneh”.
Kuring ngahuleung, hudang sare geus
jibrug ku cai saember ditambahan jibrug ku cai panon. Kakarek oge kamari jadian
jeung neng Mimin teh, euleuh ayeuna geus putus deui.