Kamis, 22 Mei 2014

Carpon - Lalampahan Cinta Si Emod

“Lalampahan Cinta Si Emod”

            Panon poé geus katempo ti palebah kidul, kuring geus singkil kusabab aya jangji jeung mawar bodas. Rek ulin ngabebenjokeun mawar bodas, kuring kakara ngabogaan mawar bodas, nya neng Mimin ngaranna.
            Saméméh indit, kuring manaskeun heula si Jagur, eta kuda tukang nganganteur kuring kamamana. Awak geus seungit kalawan minyak seungit, bari manaskeun motor kuring pamit ka indung.
            “ Mak, Emod pamit nya rek ngajak ulin neng Mimin”. Kuring sasalaman jeung indung
            “Heueuh jang, kade dijalanna”. Indung ngadu’akeun
            Kuring tuluy indit, mapagkeun mawar bodas. Eh geuning, neng Mimin geus nungguan disisi jalan.
            “Hayu neng, atos siap?”
            “Hayu atos kang”.
            “Ieu neng angge helmna”. Kuring nyodorkeun helm
            “Oh muhun kang”.
            Kuring jeung neng Mimin leos mangkat, tujuan kuring rek ulin ka Ciwidey. Nya lumayan lah ti Cikalong ka Ciwidey teh lain jarak deukeut.
            Geus satengah jalan, ngadak-ngadak si Jagur pareum. Beak bengsin geuning. Jabaning ieu jalan teh jauh timamana. Luak-lieuk euweuh tukang bengsin. Nya kapaksa kuring jeung neng Mimin ngadodorong motor nepi ka manggih tukang bengsin.
            “Neng, hampura nya, ieu si Jagur ngadon ngagawekeun ka neng”. Bari tuluy ngadorong motor
“Ah, teu sawios kang, kanggo pangalaman”. Nembalna mani leumeus pisan
            “Lamun neng cape mah, keun wios ku akang we nyalira didorongna”. Ngareureuhkeun ka cape neng Mimin
            Eh, teu kungsi lila aya tukang bengsin di sisi jalan. Kuring rada atoh, kusabab ieu suku geus beurat lengkah, beuteung geus disada wae.
            “Aduh neng, itu aya tukang bengsin”. Kuring bungah
            “Muhun kang, hayu atuh enggalkeun dorong motorna”.
            Kuring  hageut ngadorong motor, kusabab geus teu sabar hayang tereh nepi.
            “Mang, bengsinna opat leter”. Kuring teu ninggali heula saku
            “30 rebueun jang”. Ceuk tukang bengsin
            Pas kuring ngodok saku, kuring reuwas. Teu kacabak duit sarebu-rebu acan. Kuring bingung, rek menta ka neng Mimin asa teu mungkin.
            “Kunaon kang? Lain gera bayar”.
            “A….a….anu neng, dompet akang tinggaleun. Akang teu nyakuan duit sarebu-rebu acan”.
            “Kumaha atuh kang, da neng ge teu mawa duit pisan”.
            “Nya enggeus atuh ayeuna mah, sok buru neng naek! Urang kabur”.
            Kuring jeung neng Mimin mangpret, tukang bengsin rada ngudag. Tapi kuring mawa motor geus jiga pambalap alias Valentina Rossi, sugan eta oge. Perjalanan beuki jauh, kuring ngadak-ngadak poho jalan, beuki dieu asa beuki geu’eum.
            “Neng, naha jalan teh asa beuki geu’eum nya?”
            “Enya kang, bener kitu ieu jalanna?” kalah malik nanya
            “Teuing nyaeta neng, akang ngadadak poho jalan”.
            Beuki jauh, beuki geu’eum. Beuki hieum ku tatangkalan. Waktu geus nuduhkeun jam 5 burit. Beuteung geus disada wae. Rek balik deui poho jalanna. Kuring jeung neng Mimin tuluy kukurilingan dina eta jalan. Neangan jalan kaluar, poe beuki poek. Teu kungsi lila, neng Mimin ngadenge sora anu ngahaleuang. Bener gening, eta sora nu hajat. Kabeneran beuteung geus disada wae.
            “Sok mangga teras”. Ceuk anu jaga parasmanan
            Kuring jeung neng Mimin tuluy nyokot alas. Untungna neng Mimin mawa amplop kosong. Bari sasalaman eta amplop kosong dibikeun. Nu boga hajat rada bingung.
            “Mah, eta tamu ondangan mamah lain?” ceuk bapana
            “Lain pak. Ah, babaturan si neng sugan”. Tembal indung nudingkeun ka budak awewena
            “Si neng mah asa teu boga babaturan siga kitu”.
            “Ah nya keun bae, batur si aa na sugan” nudingkeun deui ka panganten lalaki
            Pangantenna datang. Tuluy nanyakeun.
            “Mah, ari nu bieu saha?” ceuk panganten awewe
            “Teuing nyaeta, sugan teh batur si aa”. Tembal indungna
            “Sanes mah, aa mah teu wawuh”. Ceuk panganten lalaki
            “Ah, boa-boa anu nipu. Hayu udag!” ceuk bapana
            Kuring jeung neng Mimin di udag tuluy digebugan. Teu kungsi lila, baju kuring jibrug ku cai.
            “Kemooooooooooooooodd!!! Hudang siah geus beurang, montong molor wae”. Indung kuring ngahudangkeun bari manjur ku cai saember
            “Euleuh, si horeng gening bieu teh ngimpi”. Kuring ngahuleung
            Teu kungsi lila, hape kuring disada. Pas ditinggali, geuning sms ti neng Mimin. Anu matak nyieun reuwas , eusi sms na teh “Kang, punten. Neng moal tiasa janten angkat sareng akang. Neng nyungkeun putus ayeuna keneh”.

            Kuring ngahuleung, hudang sare geus jibrug ku cai saember ditambahan jibrug ku cai panon. Kakarek oge kamari jadian jeung neng Mimin teh, euleuh ayeuna geus putus deui.

2 komentar:

Cerpen - Misteri Cinta di Seperempat Perjalanan

“Misteri Cinta di Seperempat Perjalanan”             Suara burung mulai berkicauan. Sinar matahari sudah mulai menyinari alam semesta. ...